Ieu kaca geus divalidasi
97
- wani lejar kakang piker,
- najan dibérok Saumur,
- ngan sok mun reureujeungan,jeung adi paduli teuing,
- kakang resep hé ari rai Ibraniyah.
12. Radén Yusup téh ngandika,
- kakang panuhun kang rai,
- poma ulah aya manah,
- asih suka ka kang rai,
- bisi jadi balahi,
- karana kapungkur-kapungkur bapa kula kacida,
- suka diasih ka kuring,
- kari-kari miasih mawa cilaka.
13. Jeung deui juragan kula,
- pameget sarawuh istri,
- mikaasih taya hinggana,
- tangtuna jadi balahi,
- éta kitu nu mawi,
- kaula sanget nunuhun, 55
- kakang ulah misuka,
- miasih bisi balahi,
- Bayus Majlab kedah miasih misuka.
14. Pokona téh dikumaha,
- pikir heula suka asih,
- lain beunang jijieunan,
- beuki lami beuki asih,
- Bayus ka Yusup nabi,
- sahiji mangsa ngariung,
- Yusup jeung baturna,