Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98
 
nu aya di jero bui,
isuk-isuk pada nyarita impian.


15. Anu ngimpi rupa-rupa,

ku Yusup ditoréh tabir,
anu éta alamatna,
impian manéh ti peuting,
taya hiji nu kari,
tabirna kabéh disebut,
taya pisan nu salah,
sapanyebut Yusup bukti,
Bayus Majlab tambah asih tambah suka.


16. Ngomong Bayus jeung Majlab,

budak urang Ibrani,
loba pisan kanyahona,
ngomong manis ahi tabir,
urang resep téh teuing,
hayu urang coba Bayus,
omongan Ki Majlab,
kaula rék nyarita ngimpi,
teu digugu anggur tabirkeun nu lian.


17. Pangandika Syéh Bu Bakar,

Isnadna ti bin Mujahim,
Ki Bayus lawan hatueunhé adi bangsa brani,
hé adi bangsa albrani,
kakang suka téh teuing,
ka adi mutuh pinunjul,
Budiman bijaksana,
bisa ngalelejar ati,