Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
99
 
piker suker dilelejar jadi waras.


18. Nu garering diludahan,

cageur padamaya putih,
jeung naon-naon kasusah,
dirérépéh jadi tiis,
dumadak jebul sipir,
sabot Ki Bayus mihatur,
sipir nyambung omongan,
éta leres pisan adi, //       56
kakang ogé bangetmiasih misuka.


19, samalah kakang mun bisa,

ngaleupaskeun tina bui,
engké baé sugan,
lamun geus salamet adi,
ku kakang dititah milih,
imah nu patut nu alus,
pun kakang anu nyéwa,
di mana kasuka adi.
Yusup mugen teu nyebut impian Majlab.


20. Jebul jalma anu lian,

tacan pok carita ngimpi,
geus disebut ku anjeuna,
kakang peuting tadi ngimpi,
kieu kakang nya ngimpi,
tabirna kieu disebut,
meneran pisan impian,
sapanyebut Yusup bukti,
Majlab keuheul réh teu waro manéhna.