geulis pisan, da tegep ti batan abdi, nyanggemna bari ngadilak, dodongkoan nanggeuy baki.
Nyi Napsiah kukulutus, ih surup japilus teuing, ditanya kitu pameta, si Miot ngawangsul deui, da bongan atuh abdi mah, keuheul dibobodo tadi.
Puguh hayam eukeur ngupuk, magarkeun teh nguyung gering, ditewak atuh nya nyakar, ngalabak mani bibintih, meureunan abdi ku hayam, disangka biul cilimit.
Nyi Napsiah nu camerut, bawaning teu tahan nguping, belenyeh imut meumeusan, lucu kelar ka nu mulih, cacak nembe patepang mah, munggah matak geder pikir.
Horeng anu nandang liwung, kangen kapitineung ati, sanes bae Nyi Napsiah, nanging Sopandi ge sami, pamikirna kitu pisan, ceples teu benten saeutik.
Kumoleang kapiemut, mutuh kacipta ku ati, titingalan kumalangkang, kangen mayeng kepieling, linglung kawangwang sagala, laku lampah waktu tadi.
Malah ti sareres tutup, tutup barang dahar wengi, wengi eta tina sesah, sesah baning manteng ngait, ngait emutan ahirna, ahirna dug ebog pusing.
Bumi alam raos nungkup, baluweng sereg hareurin, ka nu heubeul puguh nyaah, ka nu anyar meulit pikir, ari bade luas nekad, didua inggis mateni.
Namung kantun humaregung, cetaan kawas nu gering, atuh bojona salempang, tur dugi ka naros gering, na kasawat naon engkang, cobi abdi hoyong nguping.
Sopandi wuwuh tagayur, tina inggis katalungtik, teras nyanggem bobohongan, puguh ieu angen nyeri, rarieut sebel bawana, rasana geus lain deui.
Sanggem bojona nu tuhu, aduh-aduh deudeuh teuing, engkang mun kitu mah boa, mabok nyesep teu sak deui, sawios urang landongan, ku rujak asem ge leungit.
Bari teras gesat-gesut, ngorehan wadah tarasi, lantaran