teu kenging tobat, tur henteu kapake deui, teu hoyong ambon sorangan, cumah inggis dinyenyeri.
Malah salian ti kitu, wantuning talajak istri, seueur deui pisanggemna, nu sombong kirang wawadi, atuh ku tina kituna, dugi ka pikir Sopandi.
Napsuna teras ngaberung, mikir hayang ganti rabi, demi anu kapicipta, pisenangeun kana diri, teu aya deui toongan, jabi Nyi Napsiah hiji.
SINOM
Dugi ka dinten enjingna, paseana acan rapih, barang dina wanci asar, Sopandi kengingna singkil , leos ngajingjing sumpit, cetaan rek ngala manuk, padahal sayaktosna, leosna ka imah suni, gagaduhan bapa Emo patukangan.
Tukang ngabobotoh marag, ngadu hayam domba sintir, ceken domino biasa, bojona nya kitu deui, rajeun nepangkeun pikir, ngareremo malar buruh, malah waktos harita, maranehna eukeur cuhcih, ngararaku ngahormat ka tatamuna.
Teu kantos lami waktosna, Sopandi teras ngecewis, ngaharewos ririkipan, emang embi ieu kuring, pangna ka dieu nyungsi, puguh aya nu perelu, tapi samemeh wakca, kuring hayang heula nguping, emang embi rek nulung atawa moal.
Bapa Emo ngawangsulan, ah ulah kitu pamali, juragan sok ngareureuwas, menggah emang sareng embi, asal puguh tur gampil, lepat upami teu nulung, margi moal ka saha, sangsang badan titip diri, salian ti ka sugri nu mikawelas.
Sopandi deui nyarita, sukur mun barela pati, puguh ari saenyana, kuring teh geus bati pusing, inget ka hiji istri, anu kakara saminggu, dongkapna ti Sumatra, emang ge meureun tingali, aduh tobat asa naon mun laksana.
Ambu Emo nepak dada, ngawangsul bari ngagikgik, euh yaktos eta mah Agan, embi oge terang sidik, lah cocog sieup