manis, eunceup surup nurub cupu, payus pisan aduna, nu kasep ka anu geulis, lir upami Sang Arjuna ka Sumbadra.
Salakina ge nambalang, capetang riukna manis, emh yaktos anu di desa, kantenan eta mah kintring, di dieu langka tanding, taya nu pamulu kitu, Sopandi tina bingah, mani mesem imut alit, ngusap raray coloyor pok sasauran.
Da ari ku kahoyong mah, ayeuna teh hoyong panggih, cik emang kuma akalna, lah embi jeujeuhkeun kuring, tarekahan sing hasil, da lamun nepi ka lulus, duka kumaha behna, pamales pamulang asih, alah embi-emang cik geuwat tulungan.
Ambu jeung bapa ngagakgak, lucu bawaning ku watir, ku bapa diupah-upah, sakitu mah gampil teuing, mangga engke ku bibi, diteang tangtos kabantun, ayeuna mah lumayan, ieu arot cai kopi, katuangan sakadar di pamaasan.
Manehna hempek kadinya, geura beberes sing resik, ayeuna jig geura teang, akalan masing kairing, atuh bibi teu cicing, teras beberes pahibut, sarta saparantosna, leos indit bari seuri, gagancangan bangun teu aya karingrang.
Teu kantos lami jol dongkap, teras pupuntenan rintih, ngagebeg da nguping Lurah, norojol ti jero bumi, malah istrinal deui, marariksa semu gugup, Ambu sakepadapan mah, kacida seunggahna ati, susah bingung mikiran geusan omongan.
Nanging tina geus manukna, ahli nyarita direkin, harita ge geus diuk mah, pok ngomong hormat tur titi, juragan jaler-istri, mugi henteu jadi bendu, rehing abdi cumonggah, wantun rupi ka sasami, tina hanteu kiat nahan kasesahan.
Dupi abdi sakawitna, gaduh domba kukut hiji, henteu kinten diranehna, nyaah teh kawanti-wanti, nanging ayeuna gering, awakna parantos kuru, atuh ku margi eta, pun lanceuk mah geus teu cicing, kadangkala sok sering diceungceurikan.
Ku tina cengeng diwangwang, diteteda sing walagri, wengi tadi kaleresan, dongkap ilapat ka abdi, catur lebeting impi, domba maneh waras tangtu, asal geuwat ubaran, ku anak Lurah nu istri, moal gagal cageurna dadak sakala.