Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ana diemut bet mana, putra juragan nu istri, salintang Nyimas teu aya, tur hate keukeuh nyungkelit, moal nu mana deui, kapan mung ieu nu jugrug, anu mawi ayeuna, abdi teh sanget meredih, mugi-mugi aya citeres miwelas.

Pribumi sami ngagakgak, Nyi Napsiah nyanggem manis, bibi mah loba codeka, kuring diangkoh paraji, saur Lurah eum Nyai, jig bae ka ditu tulung, sabab sarua ha'at, bisi paeh bangkar watir, Nyai Lurah ngulisik sarta nambalang.

Enya jig Nyai karunya, susuganan cageur deui, karana sasarina mah, mun sidik bawaning impi, tara gagal sok matih, pasti dibarengan wahyu, cara ibi baheula, sakitu jampe teu uni, henteu burung nu geringna bisa waras.

Atuh nya rada lumayan, isukna nampa rejeki, ibi teh dipupundutan, ku beas jeung embe leutik, basana mah panghurip, panarima tanda nuhun, ibi teh beak bungah, sanggeus nu ngirimna balik, embena teh nya terus bae dicangcang.

Barang dina wanci isa, tur keur poek bulan deui, cang-cangan embe di diteang, tapi heran liwat saking, embena jadi leungit, atuh ibi buru-buru, bijil kokotetengan, mopoek di pipir leuit, rumpu-rampa neangan suganna aya.

Keur kitu baranyay kilat, breh tembong keur depa cicing, gancangna riyed dibawa, ditangkeup jeung suka ati, tina bawaning asih, nya terus dibawa asup, barang nepi ka imah, cungungung babaung tarik, manahoreng nu ditangkeup teh si Tumang.

Tina bawaning ku gila, leungeun urut mangku anjing, angkanan arek kukumbah, tuluy nyokot sabun mandi, tina kaleng nu leutik, wadahna anu ngabaku, dasar keur apes badan, boro leungeun geus lalantis, lain sabun tapi batu pangruruan.

Ambu nguping Nyai Lurah, kajabi ti resep seuri, make jeung bungah sagala, pedah panipuna hasil, tada teuing nu nganti, bungaheunana teh tangtu, ningal ka Nyi Napsiah, nu harita keur disalin, mun kongang mah mani hayang geura ngiwat.

Barang parantos sadia, enggalna teras arindit, Ambu sapapanjang jalan, teu weleh ngomong ngecewis, aduh Nyimas

22