nu geulis, pomi ulah jadi bendu, nuhun upami kersa, ngalandongan domba bibi, dihenteuna mugi sing ageung hampura.
Jalaran nya eta tea, saupami bibi mungkir, teu nurut kana ilapat, pisakumahaeun teuing, keur mah bibi teh miskin, meureun moal kenging untung, piwelas nu dipalar, kangge kahirupan bibi, Nyi Napsiah seuri bari ngawangsulan.
Ih bibi ulah rek rentag, anu matak kuring indit, kapan maksud rek ngubaran, sabalikna kaget teuing, aya ilapat milih, pituduh estuning tukuh, nujul ka kuring pisan, kawas kurang anu ahli, kapan loba dukun nu sok ngalubaran.
Ceuk Ambu nya eta tea, teges matak helok ati, domba teh yaktos pilihan, dugi ka emutan bibi, upami waras deui, tur Nyimas keresa ngukut, seja ngahaturanan, etang-etang wiat titip, dombana mah tangtos nurut moal bedang.
Tah geuning sumangga sindang, nya ieu rorompok bibi, bari teras ngageroan, ka salakina nu cicing, aka cik geuwat bijil, ieu Nyimas papag buru, salakina kaluar, mapag hormat ulat manis, sup arasup ngariung di tepas imah.
DANGDANGGULA
Bapa Emo geus lami los indit, kantun Ambu gapiuk mayunan, serewel lir jongos hotel, ribut ngatur susuguh, noroweco tur suka seuri, nya kitu Nyi Napsiah, pasemonna estu, lugina taya kakeungkang, paparios dibarung parangi manis, teges lucu nu aya.
Sopandi ge harita teu cicing , ti jero teh noong lalaunan, tina bilik nu molongo, tina napsu kapegung, kantun keuheul karenyeng ati, ari bade ka luar, inggis matak geruh, ari diantos lebetna, haroream sakitu geus kesel cicing, seunggah nahan kasabar.
Mung saena Ambu lantip budi, estu bangkit dasar patukangan, atuh saharita oge, manehna pok mihatur, eulis mangga ka lebet ngalih, henteu sae di luar, da seueur kekebul, ma-