Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

lah teras muka lawang, tamu lebet Ambu mah ngolesed bijil, pokna bade bubuang.

Nyi Napsiah banget kaget ati, tina banget ku henteu nyanana, olohok bawaning kaget, tuluy manehna nyuuh, dumareuda ngomong ngalengis, karah aya gamparan, embi geuning kitu, henteu nyana ngabaruang, magar maneh pangnyampekeun domba gering, tapi kieu buktina.

Ceuk Sopandi deudeuh teuing eulis, jimat engkang rajaning mustika, mugi manah ulah seber, sanget pisan panuhun, anggur mangga sing raos calik, engkang moal culika, sumpah ka Nu Agung, sarta kayid ti memehna, disuhunkeun mugi ulah rengat galih, tina engkang cumonggah.

Sayaktosna rumaos lalaki, kirang tata sok ambon sorangan, nganteur napsu sumolondo, sanaos teu diaku, tangtos keukeuh maksa ngukuntit, titip diri sumerah, satungtung dipulung, kumaha atuh kumaha, ti saawit engkang patepang kamari, mani teu pisan hilap.

Mingkin lami tambah kapieling, linglung pikir sangsaya kagagas, diganggayong tambih nyoso, kacipta kapiemut, mutuh carek angkanan pikir, raga teu hayang pisah, hoream pajauh, duh enung pacuan iklas, sukma raga engkang lir sarah keur palid, mani kokoleaban.

Ngumpal ngalun kabuntang-kabanting, kakapeungan kalelepkeun pisan, ari rajeun muncul tembong, beuki nambahan ripuh, roroesan maksud rek ngeumbing, sarta teu petot neda, ngantosan nu nulung, ku lantaran kitu tea, naha ai ka engkang modal miduli, watir palay nulungan.

Nyi Napsiah ngawangsul cumegis, is gamparan ulah heuheureuyan, geuraheun teu aya petek, keresa ka nu dusun, hina papa tur awon rupi, kawuwuh bebenclungan, piraku teu umum, sanaos dikeresana, moal boa abdi mung didamel selir, alim panuhun pisan.

Ku Sopandi diwangsulan manis, aeh-aeh sihoreng teu nyana, kumeok memeh dipacok, pamugi ulah kitu, engkang tobat

24