teu ngambil ati, teges moal sulaya, hamo cidra palsu, tebih ti jalan basilat, sayaktosna manawi bahan katampi, engkang seja ngawula.
Moal baha ku sapedah miskin, hamo rudet ku nandang sangsara, dalah dugi ka pati ge, asal jinurung maksud, untun tipung laksana diri, tangtos engkang bumela, kalawan satuhu, bilih disangka rek cidra, mangga urang ngangkat sumpah nu mateni, engkang tangtos nampanan.
Nyi Napsiah pok mihatur deui, emh gamparan upami yaktos mah, ka abdi rek mihawatos, kasuhun laksa rebu, sawangsulna upami abdi, teu aya nu miwelas, tangtos hirup ripuh, nanging papada dirawat, hoyong nganggo talajak tali paranti, adat kabiasaan.
Kawuwuhan sanaos dimuhrim, ku jalaran abdi oge terang, menggah gamparan sayaktos, alim lamun diwayuh, kajeun henteu gaduh salaki, kapameng katalayah, hirup nadah ripuh, sakitu abdi unjukan, saupami parantos sapuk panggalih, tangtos abdi ngiringan.
Sopandi teh ngawangsulan deui, euh unung teh sakitu kapalay, eta mah perkawis enteng, dalah engkang ge kitu, pikir henteu benten saeutik, atuh lamun kitu mah, memang langkung nuhun, sumangga bae cirian, lamun geseh ulah disebat lalaki, anu ahli satia.
Nyanggemna teh bari suka seuri, tawis bingah reh hasil maksadna, mani teras muka loket, gocrak artos sapuluh, pisanggemna lumayan eulis, minangka kagegelan, tawis moal palsu, sareng ieu atuh mangga, urang basmi kenging bibi kerah-kerih, watir mun teu dituang.
Demi bapa sareng Ambu deui, waktos eta di pipir ayana, eukeur narogel naroong, Ambu nyarita laun, deuleu aka tuh geuning hasil, urang kajinurungan, cik sampeurkeun hayu, bisi rek marulih tea, wantu-wantu kapan ieu enggeus burit, meureun tereh arangkat.
Bari leos harita arindit, sadungkapna teras Nyi Napsiah,