Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sareng Sopandi nyarios, emang jeung embi atuh, peremisi wantu geus burit, reujeung ieu lumayan, pikeun meser apu, Ambu sakalangkung bungah, suka seuri reh nampa duit saringgit, peresen ti duaan.

Tur omongna leuh nuhun teh teuing, salajengna kangge ka payunna, supados iasa salse, ambeh teu jadi geruh, langkung sae di bibi deui, margi bibi jeung paman, nanggel mo haliwu, jawab Sopandi kantenan, mo di mana lintang bibi nu kapilih, pageuh kana rasiah.

Nyanggemna teh bari semu sedih, margi ngangres reh bakal papisah, tangtos nemahan kajengkel, nanging sanaos kitu, nya teu burung maksa marulih, Sopandi ka bumina, teu lami geus cunduk, sok sumpit pok nyaur putra mikeun manuk sahiji nu beunang meuli, tadi basa di jalan.

Ku kitu ge atuh jadi rikip, repeh-rapih rikat teu katara, ahirna akal kitu teh, maneuh didamel baku, ka Ambu teh jadi maranti, nanging henteu kabuka, estu lulus banglus, ku kituna kabuktian, Sopandi teh mingkin lami mingkin yakin, maceuh ngumbar amarah.

ASMARANDANA

Panonpoe wanci lingsir, panas hareudang bayeungyang, manuk disarada recet, kawuwuh di katebihan, sorana hawar-hawar, budak ceurik ngalanglaung, bangun nu nalangsa pisan.

Kakupingna matak ketir, medalkeun waas kagagas, lumeketey nineung hate, samalah Nyi Miasih mah, dina waktos harita, ulatna dugi ka alum, tina panteng lalamunan.

Lamun tumeka ing takdir, diri nandang kasedihan, lantaran meunang bebendon, tina titis tulis awak, moal boa nyerina, diri tinangtu mangpaung, liwung ku katugenahan.

Kawuwuh ti peuting ngimpi, baju nu dipikanyaah, direbut awewe sejen, turta nepi ka beunangna, carek caritaan mah, upama ilapat kitu, totonden bakal baruntak.

26