Tamat maca ungel tulis, teras mukaan amplopna, dirahrah dikurah-koreh, ana kusiwel kapendak, nya eta surat talak, atuh tina ningal kitu, manehanana ngoceak.
Ceurik nyeri melas-melis, midangdam baning nalangsa, andeprok mani rampohpoy, bari teu eureun sasambat, duh tobat kaniaya, kutan teh ari nu angkuh, sihoreng kitu pameta.
Dipisudi mulang sedih, dipinyaah malik cua, dipisono nyolowedor, nu haat dipulang moha, tayoh anu rayungan, kutan teh kitu pamulu, tegesing matak tugenah.
Bet abong kena lalaki, pasemon telenges pisan, taya ras-rasaning hate, padahal mun terus terang, meureun jadi lulusna, duh tobat Gusti Nu Agung, karah kieu bagja awak.
Asa teu salah saeutik, sumawon milampah nirca, pedah lantaran bareto, kasalahan mere ubar, nepi ka kakaitan, jadi basa tungtung catur, dipake lantaran nalak.
Da mungguhing maksud ati, tina lantaran rumasa, boga ganjaran Yang Manon, rupana nya anak tea, kahayang mo kapalang, hayang kumawula terus, tumutur dunya-aherat.
Keur waktos ceurik ngaregih, torojol anakna dungkap, ngarontokan gera-gero, wantu budak alit tea, atuh paripolahna, wungkul ceurik gubrag-gabrug, mulet muket ngarangkulan.
Nyi Miasih wuwuh sedih, metet ku kabaluasan, tugenah nalangsa rajol, salaku-lampah ka tukang natrat eces kasuat, ati pinuh ku kabingung, ngungun bawaning sungkawa.
Tatangga pameget-istri, riab rajol ngaralayad, hariweus-weus kararaget, tina inggis kuma onam, nanging barang geus nyata, yen usul-asalna kitu, wekasan prak mariwulang.
Dipiwulang wuwuh sedih, dihehegar tambah rusras, rarasaan tambah seber, dadalan eukeur tunggara, teges dadak-dadakan, kaurugan gunung bingung, kacaahan laut susah.
Bumi alam raos nindih, gumuludug handaruan, baluweng kiamat hate, cupet budi ilang akal, kantun teu nangan nahnay, raga lir dipupul bayu, tuna daya pangawasa.