Nanging tina pada tigin, laleukeun nu ngabeberah, nyalami-lami mah tembong, pasemonna rada cenghar, aya sari jaringas, malah semu kerang-kerung, lir nu keur mikiran lampah.
Ati nyaring sapeupeuting, rasa nyongkab ngaguligah, ku hoyong enggal paamprok, sareng Sopandi nu iklas, margi rek cumarita, tina sakur nu perelu, geusan kalulusan badan.
Diantos geus lima wengi, tapi tacan bae dongkap, atuh ku bawaning jengkel, teras Nyi Miasih mangkat, nyunyusul ngais budak, bumi Lurah nu dijugjug, margi Sopandi di dinya.
KINANTI
Teu kantos lami geus cunduk, kana lebah lawang bumi, Nyi Miasih eureun heula, nyumput dina kayu puring, nu mawi teu wantun teras, bisi ngagamahan teuing.
Wantu harita di payun, pinareng aya Sopandi, keur otel jeung Nyi Napsiah, sempal guyon suka seuri, wantuning panganten anyar, masih pogot silih asih.
Nyi Miasih ningal kitu, kalintang ngerikna pikir, hate mani ngarakacak, baluweng saredih pusing, emut ka badan sorangan, umaduh bari gigisik.
Cipanon munggah nyalangkrung, limpas ngaley kana pipi, teu kalis ku disusutan, diusap ge bijil deui, cacak lamun dicandean, meureun minuhan cacangkir.
Tuur laleuleus ngalentuk, rubuh ngeumbing kayu puring, terus ngomong lalaunan, ka budakna nu diais, emh eulis tuh geuning mama, pametana kitu teuing.
Tatapi sanajan kitu, eulis mah ulah kawatir, masing enya mama nolas, keun ibu nu bakal asih, teges moal bobohongan, niat bela pati hurip.
Ayeuna mah coba hayu, urang sampeurkeun sakali, tidinya rangkujung cengkat, leos nyampeurkeun ka bumi, nu keur ocon barang ningal, reuwasna kaliwat saking.
Dugi ka pating pelenguk, sahiji taya nu muni, Nyi Miasih