Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pok nyarita, emh engkang nu sae budi, anu mawi abdi dongkap, sumeja unjuk tingali.

Serat pasihan saestu, ku abdi enggeus katampi, disangga kalayan hormat, taya bahan aral pikir, jalaran yaktos karasa, rumaos diri pribadi.

Dipalar menak da puguh, abdi mah somah tur miskin, malar kapinteranana, kantenan bodo teh teuing, sumawon mandang rupina, sare'at sakieu bukti.

Hal engkang luas sakitu, abdi mah ngiring mumuji, mugia karahayun, amung hanjakal saeutik, saayeuna teu tiasa, nyumponan eusining tulis.

Ku perkawis betak-betuk, mangga bae candak deui, nyanggakeun sareng bumina, margi abdi mah pinasti, ayeuna sareng pun anak, bade ka pun biang balik.

Anakna motah tutunjuk, pokna mama hayang ais, Sopandi teu mirosea, kawuwuh ku Nyi Miasih, dicaram diulah-ulah, diupahan bari indit.

Sopandi kantun jamenung, wuwuh kakeuheul kapusing, dirasa mingkin karasa, sanubari tambah pusing, seunggah ningal pametana, popotongan kitu teuing.

Mung saena bari imut, Nyi Napsiah nyanggem manis, engkang ari ceuk abdi mah, keur naon diangge galih, da sanaos manah engkang, ka itu bade miasih.

Sare'at buktina kitu, nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha, dalah salaksa saketi, citeres piwelas engkang, geuning da henteu ditampi.

Raos percumah teu perlu, miwelas ka nu cunihin, anggur ayeuna mah mangga, banda urang rawat deui, sangkan urang moal susah, teu kedah tatahar deui.

Sopandi nguping pihatur, raosna geus rada malik, kana rujuk ngarempugan, ngarawat deui rejeki, malah teras ngawalonan, ah enya cik hayu Nyai.

Ayeuna mah urang buru, neang parabot ngaroris,

30