lantaran ceuk rasa engkang, ayeuna ge teu sak deui, raja kaya teh ditinggal, da jalmana meureun balik.
Sanggem bojona panuhun, abdi gampil ti pandeuri, ayeuna mah ku emutan, sae ku engkang pribadi, gampil dina sareresna, kantenan uruseun abdi.
Tidinya mah atuh terus, Sopandi nyorangan indit, barang dongkap teh tetela, Nyi Miasih enggeus sepi, ditaroskeun ka tatangga, wangsulna tadi ge indit.
Teu lami ngaroris tutup, sadaya bukti satadi, amung sipat papakean, anu dibantun diringkid, Sopandi ningal hal eta, kantun semu suka ati.
Raos untung medah-meduh, ginanjaran gede milik, banda bisa kapiboga, berkah wisit nu pandeuri, saminggu ti waktu eta, enggeus dipindahan deui.
Pasemonna lubak-libuk, keur mah dierong ti tadi, ayeuna katambang beas, rijki katuluykeun deui, ku kituna Nyi Napsiah, kantun kecemekan badis.
SINOM
Nya kitu ku pamegetna, tina bawaning ku asih, taya banda kinasihan, sadaya dijujur bukti, dasar nu sae rupi, estuning dipukpruk-pukpruk, margi ka Nyi Napsiah, menggah cek rasa Sopandi, lir upami miceun batok meunang pinggan.
Nya kitu deui istrina, rasa maneh dipiasih, kawuwuh taya panghulag, atuh talajak teu salin, keukeuh mawa paranti, jaman ngalantur kapungkur, rupaning kalangenan, bangsa ngadu tumpang duit, saharita diulik deui digugat.
Tur deui sok rarajeunan, caroge disabit-sabit, sok leukeun diwurukanan, ditungtun sina tingali, barang parantos ngarti, dipecak dijurung tarung, atuh ku margi eta, lami-lami jadi bukti, Sopandi teh timbul resep katagihan.
Ceken domino biasa, jadi karesep kabeuki, sanaos sering kawonna, teu diangge panjang pikir, kantun suka nu bukti,