Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

lugina ngalajur napsu, upami kaleresan, teu gaduh artos keur pawit, dibelaan jual gade luluasan.

Kawuwuh meh salamina, estu henteu paya ngancik, upami taya nu marag, belaan angkat pribadi, magar landong parusing, pelesir nyirnakeun liwung, kituna teh saihwart, sareng bojona sakait, pada jojoh resep ngalumbar amarah.

Jabi nu bieu didadar, karesepna aya deui, nyeta ngadu sasatoan, jangkrik puyuh henteu kari, hayam domba upadi, jadi kalangenan baku, pogot taya reureuhna, ngabaju nu ngulit daki, tata pola laga nurutan kuciah.

Ku kituna kaliasan, parantos lami mah bukti, manan mulus rarabina, kalah nambahan berewit, pasalia teu uni, kana darnel kirang sukud, banda teu kapiara, da henteu resep di bumi, sauyunan anjaclang di pangaduan.

Komo basa aya bandar, ngamen permaenan rapih, sintir jarum alung geulang, lampah Sopandi sarimbit, bangun teu raos cicing, saban wengi pasti ngadu, da heroy ningal barang, anu sakitu maranis, pamikirna susuganan bae meunang.

Nanging kajadianana, sulaya sareng pamikir, ciptaan henteu laksana, nu bukti mah anggur rugi, yaktos sok sering kenging, nanging kawonna ge kitu, langkung manan kengingna; teges matak tambih pusing, keuheul jengkel nungtun kana totomplokan.

Ngadu masih keneh hayang, dicabak artos geus ledis, sajongjongan samar polah, kantun keuheul gemes pusing, mikir jeroning ati, teu lami korejat emut, malah harita teras, ka bojona hyanggem rikip, Nyai cik jig duit pasar cokot heula.

Engkang kacida panasna, duit kabeh mani ledis, susuganan aya bagja, pinareng kasusul deui, bojona barang nguping, pisanggem salaki kitu, kacida mupakatna, harita ge teras indit, urusuhan bade nyokot duit tea.

Wantu cokot keur amarah, atuh saeusina laci, mani dikeduk sapisan, deker diadukeun deui, dasar nu eukeur tiis, ku

32