Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sakedap ge geus rampung, Sopandi saharita, jalaran geus sisip duit, teras wangsul duaan bati pusingna.

Kawuwuh karintug pisan, puguh sakitu keur pusing, ana dongkap ka buruan, nyampak pasuratan nganti, nyodorkeun surat hiji, atuh barina arasup, surat teras dibaca, nya kieu ungeling tulis, sareng hormat sinarengan ieu serat.

Abdi teh unjuk uninga, tina perkawis si Nyai, dina sawaktos ayeuna, pareng katerap panyakit, panas ripuh teh teuing, biheung sore biheung isuk, ku margi eta engkang, pamugi keresa sumping, baktos abdi Miasih anu ngantosan.

Tamat maos eta serat, Nyi Napsiah nyentak malik, jejebris mani ngadilak, edas teu ku hanteu teuing, eukeur mah duit ledis, jebul surat teu pupuguh, beres pura-purana, magarkeun teh budak gering, nu enya mah hayang tepung jeung bapana.

Lamun engkang rek nemonan, abdi suka menta balik, teu hayang disalingkuhan, Sopandi ngawalon lirih, ih ulah luas teuing, engkang ge lamun teu sapuk, moal enya nepungan, Nyi Napsiah nyanggem deui, jeung enyana tutur ulah diayonan.

Mun enya oge rasrasan, mo enya nyieun pelekik, geuning bareto kumaha, sakitu judes kumaki, meureun nu matak degig, boga rasa geus kauntup, ahir ieu ayeuna, nganggo maparinan tulis, notorogan kawilang taya wiwirang.

Angguran saayeuna mah, urang mikiran hal duit, ti mana baris gantina, da ari timbangan abdi, taya jalanna deui, lian ti disusul ngadu, sabab eta nu gampang, geuning lamun aya milik, teu halangan meunang ratus satungkulan.

Lantaran geus karanapan, basa abdi keur di Deli, cara kieu katinggelan, duit nu dunungan ledis, diitung diperwincik, jumlah beak lima puluh, demi nambelanana, mahi ku duit saringgit, diadukeun sajongjongan bisa numpak.

Sopandi nguping bojona, bungangang rujuk nya pikir, karana enya karasa, mungguhing ngadu teh gampil, lamun keur aya milik, bener rarajeunan untung, carek emutanana, enya

33