Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

teu rek hamham deui, isukan mah hayang nyaho arek nyoba.

Enjingna jung deui mangkat, mapat mayeng saban wengi, nanging anggur wuwuh sial, sering kawon manan hasil, jero sapuluh wengi, jumlah-jamleh nu kabaud, tujuh ratus rupia, artos pasar kabeh ledis, ngaleut ngeungkeuy arasup ka kantong bandar.

Sopandi kariripuhan, reuwasna teu aya tanding, pakepuk gegelepekan, ihtiar nyiar keur ganti, rajakayana ledis, dijual gade garidus, nanging ladangna tea, tatangeheun kana mahi, nu puguh mah kurang seueur keneh pisan.

Seep ngajaar pakakas, teras sipat nyamu deui, taya banda kinasihan, lian ti sarapet diri, Sopandi teges sidik, pinuh ditapuk kabingung, batur taya nu bela, boh sobat atawa ahli, anggur ngantep sabab teu mampuh nulungan.

Jeung bojo ge ayeuna mah, jadi sering juhal pusing, malah dina hiji mangsa, Nyi Napsiah ngomong bengis, Sopandi deuleu kami, leuwih hade talak tilu, cumah najan lakian, henteu sudi dinyenyeri, henteu nyana horeng kieu balukarna.

Aya kudua ngingonan, kumaha tali paranti, ieu mah bet sabalikna, nu geus aya ge dibasmi, estu teu sangka teuing, bakal pinanggih muluntu, nyana pikieueun mah, kaduhung daek dikawin, mending lagas meureun diri lalugina.

Sopandi nguping bojona, pedengkel bijil kapusing, kojengkang hudang narajang, gampleng bojona dibanting, bojona teuing wani, gapruk ngarontok ngagulung, brugbreg di tengah imah, mani genjlong lir ku lini, jabi hoghag sili ungkalkeun omongan.

Tina bawaning gorgarna, jujol awewe-lalaki, tatangga reg-reg ngalayad, sapalih cuhcih nyarapih, dasar bojona bengis, pok deui ngomong tutunjuk, lamun kaya kieu mah, kami mending menta balik, gejlig turun indit teu beunang dihadang.

Sopandi ningal bojona, geus teu bisa ngomong deui, kantun ngahuleng nu aya, pinuh ku sedih jeung pusing, sedih ku

34