takdir diri, pusing ku ditinggal undur, hirup gelar di dunya, saumur kakara manggih, lara-wirang dibeakkeun ku sorangan.
Ngahurun balung ku tulang, emut ka nu lain-lain ras ka anak popotongan, anu sakitu miasih, kaduhung liwat saking, ku make ngalajur napsu, cacak mun asak sasar, meureunan diri walagri, aduh tobat Pangeran abdi hampura.
Komo barang geus waktosna, yen kedah nyetorkeun duit, rasana geus taya dua, pinuh ku sieun jeung risi, dunya karaos heurin, pikir ngolembar mangpaung, malah ceuk rarasaan, asa rek tepi ka pati, katugenah tumplek tamplok totomplokan.
Maksa setor nanging kirang, tur sanes rompang saeutik, atuh ku tina kituna, Sopandi dihin pinasti, teka ing titis tulis, guguratan ti lohmahpud, bongan milampah gasab, wawalesna anu bukti, dikerewed dibuang meuntas lautan.
DANGDANGGULA
Langit anu sawaktos sasari, angkeub ceudeum ku reueuk kalampat, harita mah raos agreng, cacakan masih isuk, mutuh hegar asa raresik, sinar surya sumirat, hibar semu hurung, caang lenglang narawangan, cekas nyacas nyebarkeun cahya dumeling, nyorot eusining alam.
Sakur anu katojo mah bukti, mun diteuteup disawang diwangwang, bolbol kajudi ku hate, gunung bangun nu imut, pasir sidik kawas keur seuri, bari lugay nguliat, mukakeun harurum, simbut hipu ewol bodas, tingporosot da katebak angin rintih, alon leuleuy udarna.
Padataran halegar teh teuing, kakayonna pasemon calenghar, sato hewan ulat atoh, riab pada lumaku, tur teu petot disada deui, tawis eukeur barungah, reh geus langkung minggu, nembean harita pisan, sawewengkon dayeuh Sukalaya pulih, lilir kasilih panas.
Lebet kota haneuteun teu sepi, toko warung bruy bray dibaruka, di tengah jalan teu towong, rabul anu lumaku, tingki-