rining kareta mesin, nongnang kahar laliwat, mobil tingsuruntul, jelema pasulibrengan, pasemonna bangun nu saruka ati, jaligrah galumbira.
Mangsa eta mung sahiji istri, nu katelah Nyi Miasih tea, sakitu aya di kolot, indung bapa tur mampuh, kawuwuhan di kota deui, meujeuhna sukabungah, kariung kasiput, nanging anggur sawangsulna, parangina bangun nu keur nandang nyeri, tina marga kasusah.
Uleng anteng ngalamun cunggelik, seueuitan ari ras ku awak, nyeri ditalak dibokong, mani sering rumajug, ngusap beungeut gogodeg dikir, istigpar ngajongjongan, nepakan harigu, dugi ka waktos harita, kanalangsa mun digugu moal leungit, tina panteg tugenah.
Tugenahna ku dasar keur tiis, dumadakan ditambahan pisan, ti saclikna ditalak teh, budak bet gering ripuh, gede bagja mun menyat deui, katambah pametana, sawaktos keur kitu, salamina meh teu kendat, nyebut mama sasambat menta diais, estu watir kacida.
Carek dina pikir Nyi Miasih, kapan basa bareto tetela, nyuratan ka bapana teh, naha ku naon atuh, anu matak teu pisan nolih, boa eta suratna, teu nepi ka ditu, mun enya teh teu katampa, matak kaget apan ngiberan teh yakin, basa memeh dibuang.
Kang Sopandi, henteu nyana teuing, nyorang apes nemahan hukuman, kitu wisitna nu anom, cacak bareto lamun, bener bageur teu malawading, meureun tetap waluya, laki-rabi mulus, bet moal cara ayeuna, budak gering enggeus lima bulan jajim, anjeun mah teu sumelang.
Puguh oge da kembang mah manis, ngan kukupu nu kudu iatna, ulah sok eunteup darapon, kudu milih nu mulus, montong nyeuseup jarangji manggih, bisi ahir cilaka, nyorang kembang racun, mun gagabah moal gagal, kukupu teh bahla lir anjeun kiwari, da reuntas ku pamolah.
Bari mikir manehna teu sepi, keukeuh rusras nambihan.