Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kaseunggah, kangenes kanyeri hate, kasuat kapiemut, nungtun liwung matak parusing, nalangsa jeung kagagas, katugenah kumpul, komo lamun ras ka budak, nu sakitu kari tulang reujeung kulit, estu matak salempang.

Malah tina bawaning ku watir, teu katahan barina ngusapan, ka budak pok ngomong alon, emh eulis anak ibu, sing wayahna maneh prihatin, dalah jauh ti mama, poma rek tagayur, keun ibu nu bakal nyaah, didoakeun muga sing tereh walagri, cageur cara biasa.

Sabot kitu bapa Nyi Miasih, jebul dungkap barina sanggemna, Enok masing sabar bae, halna si Nyai ripuh, papacuan rek leutik ati, kudu tawekal pasrah, janglar ulah mesum, montong dipake salempang, sabab ama reujeung ibu waktu tadi, enggeus babarempugan.

Jeung juragan Opzichter badami, reh anjeunna dumadak kagungan, saderek nu jadi Doktor, di tanah Jawa benum, demi dina waktu kiwari, nuju di dieu aya, perlop anu tangtu, bakal matuh mimingguan, nyalayakeun panggalihna nu keur sedih, wantu katilar garwa.

Engke oge hamo geseh deui, anjeunna teh ka dieu ngalayad, malah arek nyandak landong, nu nyanggem acan tutug, nu geringna jadi buncelik, sungut ngancing ngabudah, leungeun katut suku, tipepereket hareuras, ngagolotrok ambekan siga nu mengi, semu sahoseun pisan.

Ningal kitu akina teh risi, pok ngagero nyalukan ninina, barang parantos jarongok, teras ribut ngarurus, malah-malah lian pribumi, juljol deui tatangga, ngaralayad gugup, warna-warna pametana, tumbal kias tarekah tali paranti, pada ngabarijilan.

Amung pedah sadaya ge bukti, taya hiji nu mental mangpaat, panyakit mah dengdeng bae, tina sami baringung, tungtungna mah pating lalengis, mun kieu ayeuna mah, ngan kari kukumpul, boeh asiwung sing jagrag, sabab nilik kana ripuhna mah geuning, kawasna tereh ajal.

37