Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Nyi Miasih barangna ngeng nguping, kecap ajal kacida reuwasna, mani bingung linglung hate, bumi karaos rugrug, caraneom awak tariis, leuleus lungse teu nangan, pangacian kabur, indit semu lalangsudan, ngaleleke nyangkorah sisi lomari, bari ceurik sasambat.

Aduh tobat Gusti Maha Suci, henteu nyana rek kieu jadina, bet pun anak tereh maot, mangkaning ti lelembut, tacan salin tina prihatin, kawantos ku bapana, nyasat lur diabur, dikukut ge ku abdi mah, sapaosna tebih ti mulya utami, wantu randa balangsak.

Deudeuh teuing anak ibu eulis, naha atuh bareto hayua, bet lahir ngajadi orok, cacak upama tuluy, ajal dina waktu gumuling, meureun leuheung meueusan, ibu moal palung, ari ayeuna mah geura, hamo gagal eulis kapiraray pasti, narik marganing siwah.

Nyi Miasih nu keur selang-seling, ku indungna gancang dideukeutan, barina diupah-apeh, barang keur waktos kitu, dipayun bet aya nu sumping, pameget tur nonoman, jeung ngajingjing kimpul, panganggona ngabasajan, topi laken disetelan bodas bersih, sapatu perlak gilap.

Nu karumpul kaget ku nu sumping, ngan pribumi nu mapag tur hormat, malah teras ka jarero, tatamu alon nyaur, emang mana budak nu gering, pribumi ngawangsulan, sumuhun di ditu, enggal bae tingalian, ayeuna ge keur pada ngajagi-jagi, jalaran ku payahna.

Tidinya mah teu talangke deui, tatamu teh ngajugjug ka kamar, budak nu gering dipencrong, sakur anu karumpul, dipiwarang budal barijil, jandela dibukaan, hawa sina asup, anu nungguan di kamar, ngan duaan indung jeung nini nu gering, teu beunang loba-loba.

Bari ngadeg sed majeng saeutik, kek nu gering dirampa awakna, sarta sasauran alon, duh pantes najan ripuh, sabab ieu panasna tarik, na teu ti baretona, ku dokter diurus, tatapi nya susuganan, urang rawat malakmandar cageur deui, deui sehat asalna.

38