brag dungkap ka waktosna, kana dintenan nu jajim, sanaos masih sonona, Gan Doktor maksa marulih.
Nu ditilar kantun ngungun, kelar kagagas kaletir, Gan Opzichter katut garwa, ibu-rama Nyi Miasih, sadaya sami tibelat, mayeng nineung mikaeling.
Mung bae sanaos kitu, teu diangge panjang galih, nya dalah moal kumaha, jalaran parantos misti, jabi ti sambung pidunga, mugi ginanjar walagri.
Horeng anu nandang liwung, wuyung kapitineung galih, sanes bae nu ditilar, amung nu ngantun ge deui, sami bafuas kagagas, kangen sumedot saredih.
Ka tanah Jawa geus rawuh, banglus teu mendak rerepit, ku kituna kaliasan, manah Gan Doktor sarimbit, teu kinten nandang bingahna, ngahening nu tanpa tanding.
Wengina sasat pahibut, juljol tatamu sarumping, seuseueurna para menak, malah aya nu sarimbit, juru laden karipuhan, ngurus pamasangan cuhcih.
Gan Doktor istri ka tamu, ngangkenna someah manis, henteu kanti tata hormat, tebih ti dusun rarisi, taya kakagok kakeungkang, wungkul pantes kewes manis.
Atuh ku jalaran kitu, ku tamu bolbol kagalih, ditilik pasang petana, Gan Doktor istri kajudi, disarangka moal gagal, yen sanes sambarang istri.
Nya pantes sanaos kitu, kawantos Gan Doktor istri, sasatna geus terpelajar, kaserepan galih wening, nitis tetesan ibuna, wantu iasa ngajaring.
Pribumi sareng tatamu, ulatna sami katawis, pasemon baringah pisan, bari caralik teu sepi, dibarung salasauran, tuang leueut kitu deui.
Saparantos tamu tutup, pribumi mah mingkin tambih, ngaraos lugina manah, saterasna silih asih, estu sami kaleresan, kenging nugraha Yang Widi.
Babakuna anu untung, nya eta Gan Doktor istri, kitu bag-