jana nu sabar, tawekal pasrah panggalih, kantenan henteu disangka, yen bakal pinanggih mukti.
Geuning nalika kapungkur, eukeur jaman ka Sopandi, sakitu dikakayana, ditibaan ku kanyeri, diganggayong ku tugenah, teu lilih tina kasedih.
Dupi ayeuna mah estu, lalugina jadi mukti, nyepeng laluasa harta, sumawon bagbagan harti, sahanteuna aya peta, geusan ngulik nu nastiti.
Salira ge mingkin wuwuh, wuwuh laluis beresih, beresih nimbulkeun endah, endah tegesing pinilih, pulih sagala kasesah, kasesah kasawat galih.
Henteu migalih kasuwung, salieuk beh ngabaranding, lugina malang mulintang, tibra ngahenang-ngahening, nanging najan nandang senang, tebih ti jalan umaing.
Pantang angguklung murugul, milampah damel teu hasil, sadaya napsu mahiwal, perwatek bawa idajil, nungtut dipiceun ditinggal, majengkeun marganing adil.
Sumawon mun hawa napsu, sugri niat nu utami, milih nu geusan utama, matak munasabah diri, rikat enggal dipilampah, paheut dumugi ka jadi.
Atuh ku jalaran kitu, Gan Doktor istri teh bukti, wungkul jadi pamujian, kalulutan menak-kuring, sumawonna para rencang, betah tengtrem tiis pikir.
Putrana anu kapungkur, buah asih ti Sopandi, dina sawaktos harita, geus ageung tur mulus deui, ku ibu-rama nyasatna, didamel jimat paripih.
DANGDANGGULA
Urang tunda nu keur bingah galih, Agan Doktor sagarwaputrana, ayeuna gentos carios, nu keur nandangan hukum, Mas Sopandi di jero bui, taya deui gawena, ngan nungguan waktu, nintenan ngeserna tanggal, lila-lila nepi kana waktu bijil, bebas tina hukuman.