Dunya lega teu ngungkulan ati, titi mangsa keur waktos dilepas, pasemon bungangang hate, tetesna kana laku, kumorojot ngaberung indit, ditaker kahayangna, najan tebih tangtu, tumiba deui ka urang, rangkas bahya dumadak bet jebul deui, ingetan matak seunggah.
Sisi jalan manehna cunggelik, nangkeup tuur panon dulak-dilak, ngahuleng bawaning helok, bingung geusan nyiruruk, haroream susah keur ngancik, ras kana awak ruksak, pakean baruruk, rumpu-rampa kana pesak, lepet kosong masih aya bubuk keusik, estu matak sumeblak.
Ari beuteung geus mimiti peurih, ngeter lapar awak tingsariak, lesu laleuleus lalungse, heuay rajol murubul, dalangdangdung puyeng parusing, wekasan nu kacipta, ras diri sakujur, rumingkang wungkul kareungkang, matak ngerik rurumbit rerembet diri teges, taya pegatna.
Sumawonna barang ras mieling, ka bojona Nyi Napsiah tea, nu judes metot kokoro, banget cua kalangkung, mun kongang mah embung salangit, teu cara ka nu eta, ka indung si Unung. Nyi Miasih jeung anakna, beurang-peuting golong kaileng ku ati, mani hayang manggihan.
Kapitineung sabab Nyi Miasih, dipihukum sakitu lilana, ngawulaanana ngesto, satia hate tuhu, ka salaki estu gumusti, henteu jahat basilat, estu lulus mulus, anggang tina barebedan, nu sakitu nungtun mawat gemah-gemih, kaduhung ku dipirak.
Ari pangna ka budak mieling, taya lian nu jadi lantaran, reh basa waktu bareto, bejana gering ripuh, ku kituna pikir Sopandi, beuki wuwuh ngahelas, dugi ka bruk nyuuh. Ceurik naleukeuman kuta, sugrak-segruk leungit sipating lalaki, tina panteg tugenah.
Ceuk pikirna aduh tobat teuing, ku hanjakal ngalajur amarah, nganteur karep eusi hate, kaduhung ngumbar napsu, boga rabi kurang pamilih, ahir matak doreksa, tapi deui untung, diri aing meunang luang, tina burang racun ati anu matih, marga kurang jeujeuhan.