Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kawuwuhan ku baringung teuing, ari balik ka lembur Cisangar, paralun teu luas hate, era temen ku batur, kawistara kacela diri, boa mah urang dinya, terus talimburu, nyarangka ngarebut jahat, lamun kitu pinasti moal walagri, badan dengdeng mo senang.

Ayeuna mah nya paduli teuing, geus kapalang nandangan balangsak, rek matuh di dieu bae, bari ngadon buburuh, susuganan pinanggih milik, keur meuli kahakanan, tamba lapar lesu, pedah ieu Sukalaya, baheula mah dayeuh rame loba duit, puseuma pakulian.

Sanggeus tutas mikima los indit, rurusuhan ngajugjug ka pasar, nyampeurkeun jelema rame, di dinya henteu luput, meunang oge rijki saeutik, boga duit sakadar, cukup keur nu perlu, meuli kejo jeung deungeunna, nulak lapar tam ba langlayeuseun teuing, malar jagjag meueusan.

Salamina Sopandi keur kuli, nyatu-nginum estu sakadarna, sasatna lumayan bae, pakean bararutut, awak kucel kalotor busik, lamun hees sadugna, tegesing teu wudu, pinuh ku lara balangsak, nyeri peurih ngerik sajeroning ati, tina banget sangsara.

Dalah kitu teu dipake pikir, tebih pisan ti aral subaha, sawangsulna henteu towong, sumerah ka Nu Agung, nampa kana takdiring diri, disambung ku paneda, anu jurtun husu, pamugi keur ka hareupna, ulah deui diparengkeun kitu takdir, lian nu geus kasorang.

Lami-lami aya bagja diri, diri cengkat munggah kasenangan, kasenangan nu dierong, dierong reujeung suhud, suhud rajin milampah ngistrik, ngistrik bet dumadakan, dumadakan payu, payu soteh tina marga, marga apik sagala panggawe bersih, bersih wuwuh sohoma.

Kagurnita minatu pinilih, ngaleut bae nu ngengken naritah, temahna nambahan getol, ku tina kitu atuh, kabuktian Sopandi pulih, kawasna rada unggah, surud pangabutuh, harekat dirina tambah, jadi berag tinemon luis beresih, henteu mesum ku susah.

48