lugina manan katukang, laluasa beurang peuting, naon geusan kasalempang, estu bagja liwat saking.
Sabot keur ngalamun kitu, jol dungkap bojo Mas Amil, malah katut salakina, ngaraku tur budi manis, carek pribumi katuran, aceuk teh parantos lami.
Anu ditaros ngawangsul, kantenan geus rada lami, sareng edas ku garenah, asa bararetah teuing, aceuk mah bolbol untupan, daek mun di dieu cicing.
Nyimas Amil nguping kitu, kacida heranna pikir, cek dina emutanana, naha saha ieu istri, saumur asa kakara, jeung jalma ieu papanggih.
Nyi Babu oge nya kitu, harita gaduhan pikir, ieu teh naha bojona, atawa bujang kakasih, tatana cumonggah pisan, bet ucak-aceuk ka aing.
Harita barina udud, Mas Amil pok ngomong rintih, Eha mah meureun can kenai, ka ieu tamu nu sumping, ari sanyata-nyatana, geura engkang rek wawarti.
Jaman baheula di kampung, aya anu laki-rabi, dumadakan hiji mangsa, bojona teh ambek pusing, amarah ka salakina, nepi ka ninggalkeun indit.
Sanggeus bataun-taun, kalawan takdir Yang Widi, gok tepung di panyabaan, atuh tina masih wajib, bojona gancang dibawa, buktina nya ieu geuning.
Nyi Saleha nguping kitu, sakedapan mah ngagidir, nanging wantu anu sabar, nyangking sipat saleh pikir, napsuna teu teterusan, harita ge leler deui.
Samalah teras mihatur, Ya Robi Gusti Yang Widi, karah aceuk garwa engkang, atuh mun kitu mah abdi, teu kinten nyebat nuhunna, malak mandar jadi margi.
Bisa sasarengan sujud, kumawula siang-wengi, amung hanjakal ku engkang, naha atuh teu sayagi, nyieun bumi ti anggalna, haturan aceuk sing resik.
Nyi Babu deui ngawangsul, enya bet teu sanggup teuing,