Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ti baheula ge aceuk mah, teu tuman patumpeng-tindih, gede leutik hayang misah, imah pikeun tempat cicing.

Mas Amil barina tungkul, pok deui nyanggem tur rintih, nya eta maksud engkang mah, rupana tina geus takdir, kadar awak nu tumiba, narik sapangeusi ati.

Saayeuna teu kauntup, ngabogaan dua rabi, ku lantaran kitu tea, tinangtu sala sahiji, baris aya nunemahan, katibaan surat waris.

Nyanggemna bari jung nangtung, ngarampa baju nu ngait, kusiwel tina pesakna, sahiji surat dilepit, dipasrahkeun ka bojona, turta bari nyanggem deui.

Ti ayeuna Nyai lulus, ku engkang teu kapirabi, tah eta surat talakna, didungakeun beurang-peuting pamuga awak Napsiah, jauh bahya parek rijki.

Lamun buburuh sing untung, kuli masing bisa mahi, dagang sing gede batina, sumawon boga salaki, pamuga meunangkeun menak, atawa nu sugih mukti.

Engkang mah bobotoh ngadu, tukang jahat kana duit, osok resep jujualan, juru nganyenyeri istri, baheula geuning kumaha, meureun masih kapieling.

Poma ulah hoyong milu, ka engkang jelema miskin, rudin kawuwuhan hina, bisi disangsara deui; katambah ayeuna engkang, engeus boga deui rabi.

Ka ieu awewe lembur, anu sapantar satanding, estu sapikir jeung engkang, tuhu tur beresih ati, engkang teu kaduga mirak, ku Nyai meureun kaharti.

Nyi Napsiah nguping kitu, sakedap ngahuleng cicing, hate. panas ngagarangsang, wekasan pok nyanggem rintih, pasemon taya karingrang, ngagulkeun diri pribadi.

Engkang mah geuning ku lucu, abong pameget berbudi, naha dikinten kumaha, pang abdi ka dieu ngiring, tobat teu malar dirawat, sanes hoyong dipirabi.

Amung rek ngadoja wungkul, nalungtik sugan geus eling,

54