Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

horeng adat nu baheula, resep nganyenyeri istri, dugi ka jaman ayeuna, masih napel ngulit daki.

Mun terang yen masih kitu, ku kaduhung teuing abdi, henteu rapa ti baheula, meureun lalugina diri, boro loba nu rek ngarah, tatapi henteu ditampi.

Ayeuna abdi geus lulus, dipaparin surat waris, teu kinten pisan nuhumia, katarima lahir-batin, ai aceuk amit mulang, jut turun jeung leos indit.

Ceuk Nyimas Saleha ituh, da engkang mah kitu teuing, ari tadi keur di jalan, bangun geugeut mikaasih, nyaah da aya pangarah, barang geus nyukakeun galih.

Anggur disusul disungkun, dibere nu saperkawis, telenges teh seseepan, Mas Amil ngawalon manis, Nyai ulah papanjangan, puguh engkang keur parusing.

MAGATRU

Nyi Napsiah sabot leumpang henteu suwung, tarang pating lalepit, halis kerung ampir tepung, biwir ngawet umak-umik, ngutruk gegelendeng sombong.

Aduh tobat neda ampun ka karuhun, hanjakal boga pikir, nyangka masih dipilucu, ngira arek gede rijki, sihoreng buktina gapong.

Jeung kaduhung tadi ku make cacatur, menta keur tempat cicing, misah imah embung campur, nyana moal dipiduli, kabebero make ngomong.

Teges apes saumur nyunyuhun hulu, hirup di kolong langit, kakara ayeuna estu, meunang wirang liwat saking, ngenes panas mani nyongsrong.

Matak heran Sopandi bet jadi kitu, keur naon atuh tadi, nitah eureun tina babu, ngomongan ngudukeun bijil, ngajak mantog ka gogobrog.

Ari sumping ka karatonna nu alus, kana tempatna linggih,

55