Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

garwa padmi anu lucu, da nyaah ka prameswari, nu montok demplon camohong.

Ka aing mah mani luas nyebut lulus, nalak teu kapirabi, pasemon rusuh garidus, estuning kacida teuing, matak harianeun abong.

Kutan kitu ari nu weureu kucubung, kawas nu edan eling, siga linglung arek palung, panata degig umaing, judes kumaki bedegong.

Henteu inget ka jaman anyar patepung, geuning mani ngurihit, malah sumpah ngaburudul, estuning teu nyana teuing, horeng nipu omong kosong.

Dina waktu eukeur kukulutus kitu, leumpangna enggeus tebih, dugi kana jalan singkur, harita geus wanci magrib, kawuwuh hujan ngagebrot.

Gelap dordar sorana mani ngaguruh, angin ngahiuk tarik, kilat timburinyay campuh, matak keueung liwat-saking, nungtun ketir ngalokotoy.

Ngarep-ngarep kahar sewa anu suwung, luput teu aya milik, tinimbang baseuh kukucrut, Nyi Napsiah tuluy mampir, eureun dina saung kosong.

Ambek nyedek mun kongang hayang tutubruk, awak mani ngagidir, napsu nguwung nu kapegung, nungtun hayang lanjang-linjing, lami-lami gog cingogo.

Ngadadaweung ngabuntel tineung ngalamun, ras kana takdir diri, keur basa jaman kapungkur, bisa rangkep ka Sopandi, nyasatna beunang ngabedol.

Ceuk pikima Nyi Babu bari ngajentul, lamun kieu mah sidik, aing nu salah saestu, geus milampah nganyenyeri, ka nu keur rarabi pogot.

Sahanteuna Nyi Miasih nu karebut, leungit beunang salaki, pikirna tangtu kaduhung, nadah wirang reujeung pusing, ku kanalangsa dirojong.

Kawuwuhan Sopandi sanggeus karebut, dirina

56