dinyenyeri, ku aing ditinggal undur, indit henteu jeung pamilih, ngarempak ungel papakon.
Munasabah ayeuna aing ditaur, dibayar wirang pusing, dipunahan ku kabingung, duh diri hanjakal teuing, neda tobat ka yang Manon.
Ti kiwari satungtung abdi keur emut, moal rek deui-deui, ngarebut panutan batur, kajeun teu boga salaki, tinimbang beunang bebedol.
Nyi Napsiah keur waktu ngalamun kitu, teu kanyahoan deui, dugi ka rada ngaranjug, da ningal aya lalaki, ngahaja ka saung mengkol.
Horeng hiji Tiong Hoa gede jangkung, mawa kareta mesin, banna kempes sabab bitu, barina nangtung gigibrig, manehna pok ngomong alon.
Aeh kutan aya anu keur cindukul, mana ari salaki, bet geuning sorangan kitu, Nyi Napsiah imut leutik, hormat barina ngawalon.
Puguh abdi eukeur ngiuhan kapegung, henteu gaduh salaki, nuju lantung tamtuh laku, keur nyirnakeun eusi ati, ngarah laluasa jongjon
Eta babah nguping Nyi Napsiah kitu, bangun nu suka ati, barina meureudeuy imut, ngusap beungeut semu manis, manehna pok deui ngomong.
Eh karunya sihoreng Nyai teh kitu, ulah nyangsara diri, ayeuna mah lamun purun, jeung saya urang baralik, engke geus nepi ka toko.
Nyai tangtu bakal dipiara terus, saya teu boga gundik, nyonya euweuh ka Singapur, saya banget susah ati, euweuh nu nguruskeun toko.
Nyi Napsiah nguping omong babah kitu, mimiti owah gingsir, timbul kabita kairut, anu kacipta ku ati, bakal senang deui jongjon.
Kana tekad moal lakian rerebut, bangun geus poho deui