Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kalampat ku eusi napsu, jalan pangajul idajil, nu nungtun marganing awon.

Bari imut manehna tuluy ngawangsul, abdi sumeja ngiring, asal dipiwelas estu, babah imut budi manis, bener memang moal bohong.

Ayeuna mah hayu bae urang tuluy, bisi kaburu peuting, engke geus nepi ka ditu, urang baradami deui, ambeh salse bisa jongjon.

SINOM

Ti dinya mah Nyi Napsiah, sareng babah bral arindit, dina sapapanjang jalan, estu pada suka ati, dibarung ngarecewis, nerangkeun eusining maksud, maheutkeun perjangjian, malar engkena di ahir, lulus mulus ulah pinanggih kuciwa.

Nyi Napsiah mangsa eta, teu kinten bungahna ati, pamikirna nu kacipta, dirina dihin pinasti, bakal pinanggih mukti, laluasa deui tangtu, ku kituna harita, pikirna enggeus mimiti, arek ngayun napsu mun geus loba harta.

Ku margi kitu tekadna, kaliasan henteu jalir, saparantos tinekanan, manehna ngajadi gundik, teu petot gandang-ginding, panata luhur adigung, rasana pangunggulna, taya nu mapakan mukti, laluasa di jero toko ngawasa.

Malah rajeun lalamunan, hayang mapanas Sopandi, arek ngadu kabeungharan, nandingkeun gandang jeung ginding, samen pamulu geulis, jeung Nyi Saleha nu timpuh, hate nyongkab teu tibra, lamun Mas Amil sarimbit, tacan tunduk kaungkulan pangawasa.

Mung bae hanjakal pisan panyiptana teu ngajadi, sulaya keuna dodoja, wawales ka anu sok dir, ujub ria pamikir, takabur tur katalanjur, hiji mangsa manehna, eukeur diuk dina korsi, suka senang genah bari lelenggakan.

Babah henteu ti tadina, narima surat pawarti, nu nerangkeun yen nyonyana, ti peuntasna tereh balik, terang soteh geus

58