Tuluy calik pok ngalahir aris, kuring heran aranjeun teh saha, putrana nyundul ngawalon kapan anu kapungkur, ditulungan tea ku abdi, nya ieu nu cilaka, ku motor katubruk, geuning dina minggu tukang, caket meja abdi ka ibu wawarti, ngunjukkeun sapamendak.
Bari ngised Mas Amil mimiti, nyanggem alan henteu tinggal hormat, nya eta pangdumeuheus teh, pamugi galih luntur, kersa nampi pangbakti abdi, minangka tawis bingah, rehing minggu pungkur, abdi ku putra gamparan, ditulungan dijait tina balai, basa eukeur cilaka.
Pribumi teh pok ngalahir deui , hal pangbakti katarima pisan, ngan eta asana abong, kahayang ulah kitu, putrana pok nempas pilahir, emang mah bet enyana, make angkaribung, kuring mah teu boga niat, hayang nampa pamales pamulang asih, satadina ge haat.
Ceuk Mas Amil ku hanjakal teuing, bet juragan pameget teu aya, pribumi ngawangsul alan, enya puguh keur suwung, saban Ahad sok angkat tumi, ngider ka pilemburan, niten jalma kampung , bisi aya nu katerap, ku ririwit rupaning gering panyakit, anjeunna nu ngubaran.
Reujeung deui kuring ti tatadi, henteu weleh boga rasa heran, bet kolot kadupak motor, naha keur naon atuh, Nyi Saleha nambalang lirih, puguh dupi gamparan, yaktos kirang umum, pisanggemna ka abdi mah, pun lanceuk teh harita ngalamun teuing, ngemutkeun popotongan.
Enon imut malah pok ngalahir, kutan kitu paingan cilaka, ibuna nyambung carlos, edas sihoreng kitu, cik teruskeun bet resep geuning, kumaha muasalna, wakcakeun sing estu, Mas Amil alon nambalang, gamparan mah bet nganggo percanten galih, ngawadul pun bojo mah.
Nanging tina Mas Amil diperih, dipapaksa dikudukeun wakca, tungtungna pok bae ngomong, ditetek ti kapungkur, tina jaman waktu pelesir, dumugi ka harita, imeut teu kalarung, ngabuih taya karingrang, ceuk rasana kapalang nerangkeun diri, muka sajarah lampah.