Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nimu Luang Tina Burang.djvu/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

teu bisa reujeung brona, nembongkeun tatali asih, mere ku rupaning barang, wantuning mama mah miskin.

Pribumi alon ngawangsul, engkang hal eta mah mugi, ulah rek dianggo manah, karana najan si Nyai, mo enya aya harepan, hayang dibere rejeki.

Ku tepang ge leuwih untung, bingah anu tanpa tanding, kawuwuh berkahing budak, keurna masih keneh alit, ku ramana nu ayeuna, kacida dipikaasih.

Diwowoy malah dijurung, guguru nyiar pangarti, lebet sakola Walanda, barang tidinya geus bijil, emutan ulah kapalang, tamba lugah-ligeuh teuing.

Teras deui sina asup, ka M.u.l.o. nambihan harti, ti dinyana ge berekah, lulus tur diploma deui, malah sawaktos ayeuna, di dayeuh ieu tinakdir.

Si Nyai teh geus buburuh, di kantor pos jadi commies, bisa ihtiar sorangan, Mas Amil nguping pilahir, dugi teras ngadangheuak, ngadoa nadahkeun amin.

Geus kitu pok nyanggem laun, eulis mama nuhun teuing, pamuga salalawasna, ku nu ti payun diasih, kapake hal pagawean, kilangbara mun kapuji.

Pemuga terus-tumerus, eulis ginuluran diri, cageur kalawan bageurna, jauh bahya parek rijki, sabar tawekal daekan, loba anu mikaasih.

Mama mah sambung jumungjung, ngadungakeun beurang-peuting, reujeun engke ka hareupna, saupama eukeur ari, sing daek nyaba ka mama, mama sono liwat saking.

Bojo Mas Amil ge kitu, nyanggem tur mani ngalengis, yaktos Agan sing keresa, angkat ka rama pelesir, ibi teu kinten hoyongna, kasumpingan Agan calik.

Gan Yohanna pok ngawangsul, ka mama sareng ka embi, nyuhunkeun berkah pandoa, engke di mana geus ari, tanwande abdi ngahaja, ka ditu rek ngadon meuting.

Barang keur galuntreng kitu, jol aya pameget sumping,

67