Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

RADEN WANGSA TARUNA NGADAHUP

Sinom

  1. Ti dinya mah Raden Wangsa, ka Batulayang jung mulih, barang datang cumarita, atawa teras miwarti, kajadian teu lami, di Bale Endah geus tarung, sadayana baringah, wirehing parantos resmi, tanah Ukur geus jadi milik anjeunna.
  2. Salajengna Raden Wangsa, Den Taruna pok miwarti, "Kalih ti eta nguninga, enjing pageto ge abdi, aya nu mapag sumping, ti Bale Endah carunduk, maksadna mapag pindah, ka pandopo enggal ngalih, maksad boyong kabupaten geus ngantosan.
  3. Ku margi abdi sorangan, henteu acan laki-rabi, henteu pantes ceuk emutan, diistrenan mung pribadi, nyabeulah boh mandiri, sumuhun ku margi kitu, manawi wae putra, Raden Saribanon nampi, ragem sepah disuhunkeun dipigarwa."
  4. Nyata ku bingah-bingahna, ibu rama Enden Euis, sami-sami cisocaan, sarta ramana miwarti, "Raden emang pribadi, ngarasa bungah tur sukur, hidep boga pikiran, rek mirabi ka si Euis, basana teh Emang mah mung sambung do'a.
  5. Da Emang oge geus terang, pan geus nguping ti si Euis, ngan kuduna gagancangan, meureun urang dina wanci, anu mapag sarumping, sakalian prak ngariung," saur Wangsa
100