Ieu kaca geus divalidasi
- Taruna, "Nyanggakeun Emang jeung Bibi, mung pamuga aya jembar kaikhlasan."
- "Ieu Raden," saur ibuna, eta mah kersaning Gusti, mungguhing pikeun jodo mah," gancanging nu dipiwarti, Raden Wangsa pribadi, geus dirapalan Panghulu, jeung Den Saribanonna, ponggawa padamel sumping, rahayat ge anu teu anggang daratang.
- Anu caraket daratang, ngawilujengkeun nu kawin, sanajan hajat ngadadak, dirurusuh oge jadi, nu sarumping pabeulit, bubuhan ninggang nu cukup, atawa anu aya, teu wurung rongkah sayagi, katingalna ngagumbirakeun nu aya.
- Barang nembe oge bubar, burubul gegeden sumping, sadayana gararinding, sihoreng kabeh pangagung, anu bade marapag, Raden Wangsa nu rek ngalih, rek ngeusian Pandopo Ukur nu enggal.
- Rengse calik sadayana, Raden Cutak pok miwarti, "Ieu teh ku matak reuwas, emut nu kapengker kungsi, keur Batulayang kenging, bebendu pan ti pangagung, ti Papayung Nagara, atawa Kangjeng Bupati, aya naon ieu teh ngagetkeun Emang?”
- Sesepuhna sasauran, "Mugi Gamparan tingali, henteu jadi renjag manah, ayana anu sarumping, para menak priyayi, sanes sapertos kapungkur, ieu abdi Gamparan, kawakilan ku pangeusi, ku rahayat Kabupaten Ukur pisan.
- Terasna abdi Gamparan, ka putra bade miwarti, Dampal Dalem Den Taruna, Raden Wira Adipati, abdi Dalem wawakil, rayat Kabupaten Ukur, ngalulungsur pangersa, ka Bale Endah ngaralih, Dampal Dalem pandopo kantun ngeusian.
- Peryogi keur kauninga, Kangjeng Dalem Adipati, Raden Wira Sutapura, parantos lungsur tur ngalih, ti Bale Endah indit, geus rangkad saincu putu, sareng saputra garwa, sadinten sabada dami, bada rusuh sareng Dampal Dalem tea."
- Saur Cutak, "Euh ieu mah, jeung nu kapengker teu sami, nya pikabingaheun pisan," ka Raden bari ningali, "Raden
101