Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    Raden Taruna, dina ngadangu nu kawin, ngado'a sami-sami, ngucap sukur ka Nu Agung, Raden Wangsa Taruna, ka Saribanon nu manis, geus ngadahup aya rido ti Pangeran.
  1. Enjingna geus haneut moyan, burudul aleutan bijil, nu dipapag jeung nu mapag, Mang Mardawa oge ngiclik, sadayana arindit, tujuan anu dimaksud, ngabujeng Bale Endah, pakuwon Kangjeng Bupati, Bale Endah kalebet puseur nagara.
  2. Teu kacatur di jalanna, kocap parantos sarumping, jeung Raden Wangsa Taruna, garwana sareng pangiring, sinareng kulawargi, ka padaleman carunduk, seueur anu marapag, kapieyang kapiaki, kapirama sinareng wargi sanesna.
  3. Rahayat nu caraket mah, prak ngawilujengkeun sumping, aya anu tatan-tatan, keur ngistrenan pikeun enjing, enjingna geus sarumping, ti suklak ti sikluk kumpul, nu deukeut sumawonna, ponggawa padamel sami, sesepuh ge di Pandopo magelaran.


Dangdanggula

  1. Barang dugi kana hiji wanci, Raden Wangsa Taruna geus lenggah, disarengan Saribanon, garwana anu lucu, jeung sesepuh nu sami ngiring, anu ti Batulayang, sahiji sesepuh, ti gegeden sasauran, "Ka pangagung ponggawa nu sami hadir, anu parantos lenggah.
  2. Jeung sesepuh rahayat ge sami, ti sapupus Embah Sunan Dampal, ka Kabupaten Ukur teh, henteu terus diurus, ku turunan anjeunna deui, kaalaman ku urang, geus dua pangagung, nu jadi bupati tea, Adipati Sutajaya jeung Dipati, Dipati Sutapura.
  3. Saterasna ayeuna Dipati, Adipati Wira Sutapura, geus ngantunkeun Kabupaten, geus ngantun tanah Ukur, bejana mah ka Tuban ngalih, kedah aya gentos na, nya ieu nu cunduk, Den Dipati Wira Wangsa, Den Taruna di payuneun urang linggih,
103