Ieu kaca geus divalidasi
- mangga wilujeng datang.
- Riwayatna tah ieu saeutik, Adipati Raden Wira Wangsa, dina waktu bureyna teh, jenenganana mashur, Raden Jaka Taruna wangi, putrana Surawangsa, Dipati almarhum, pan bupati di Banyumas, ibuna teh Nyi Raden Dewi Manisri, rundayan Pajajaran.
- Dina yuswa sapuluh warsih, ti Banyumas dicandak eyangna, Sunan Abdulwafa kahot, anu paling kamashur, taya deui sa-Tegalwangi, keur guru kabatinan, nu sagala cukup, muridna teu kirang-kirang, nu maroyan barisa ngawuruk deui, bag-bagan kabatinan.
- Geus sawawa sarta akil balig, prak didamel di kraton Mataram, dugi kenging gelar hade, Adipati nu manggung, sareng Wira tawis prajurit, anu mawi anjeunna, merenah disebut, "Den Wira Wangsa Taruna, nu lengkepna nyambung Raden Adipati, Bupati Ukur tea.
- Ayeuna teh ka Ukur geus mulih, rek ngaheuyeuk jeung ngolah nagara, di Tanah Ukur nu lendo, neruskeun nu karuhun, jeung luluhur manjing suwargi ku kituna diteda, kana rempug jukung, mupakat ti sarerea, nu ngagentos Sutapura Adipati, nya ieu Den Taruna.
- Mung anjeunna henteu kersa jadi, keur Bupati Ukur mun teu aya, kasaluyuan sakabeh, margi anjeun benum, di urangna jadi bupati, anu lain diangkat ku Kangjeng Sinuhun, ngan neraskeun talapakan, karuhunna anu jadi ahli waris, turunan Batulayang.
- Ku kituna kumaha kiwari, rayat Ukur satuju henteuna, anjeunna keur bupati teh, di dieu anu manggung, pamandangan ti jisim kuring, upami kasauran, rayat teu satuju, kedah ngusir Raden Wangsa, Sutapura ti Ukur sidik geus indit, diusir Den Taruna.
- Samemehna netepkeun Bupati, cing saha nu bade sasauran," hiji ponggawa nyarios, "Jisim kuring ngarungu, ti sesepuh anu lalinggih, anu kieu saurna, ceuk Uga geus tangtu,
104