Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    yen engke na hiji mangsa, tanah Ukur barisna diheuyeuk deui, ku seuweu Sunan Dampal.
  1. Ciri-ciri nu baris mimiti, anu bakal ngaheuyeuk Satria, ti Wetan asal ti Kulon, ieu teh pan saluyu, sareng anu disebut tadi, atuh henteu syak pisan, anu bakal terus, ngaheuyeuk Ukur ayeuna." saur sepuh, "Nuhun mangga saha deui, nu bade sasauran?"
  2. Jep sadaya taya nu miwarti, sesepuh teh pok deui nyarita, "Margi taya nu nyarios, jadi upami kitu, sadayana rempag ngahiji, Raden Dipati Wangsa, harita dijungjung, ku rahayat kapercaya, keur ngaheuyeuk Kabupaten Ukur asli, pikeun nyambung sajarah."
  3. Ger jelema rame tingsaruwit, tinggorowok ngaromong baredas, nyebat rempag rawuh bogoh, saluyu jeung satuju, tur mupakat jeung rea deui, estuning rame pisan, mani meh ngaguruh, asa tai ceuli luncat asa racleng, ku tinggorowokna jalmi, tanda saluyu tea.
  4. Barang anu tinggorowok tadi, jeung jarempe anu tingsaroak, sesepuh deui nyarios, "Raden Dipati lucu, Wira Wangsa Taruna wangi, geus kadangu sanggupna, ti rahayat umum, Dampal Dalem geus diangkat, tur dijungjung ngasta Kabupaten resmi, tanah Ukur nu jembar.
  5. Abdi Dalem ku kalayan nami, ti rahayat pangagung ponggawa, miwah para sepuh kabeh, nyanggakeun tanah Ukur, jeung eusina sumangga tampi, abdi Dalem teh sumpah, sumeja sumujud, kana sagala dawuhan, moal pisan ngijing sila tur curaling, atawa bengkok sembah.
  6. Pamungkasna pangdu'a pamugi, Dampal Dalem jeung sakulawarga, aya dina rido Alloh, ti Gusti Anu Agung, Anu Murah tur Welas Asih, jeung nyanggakeun sumangga, "Raden anu manggung, Adipati Wira Wangsa, sasauran, "Para sepuh nu lalinggih, sareng para ponggawa.
  7. Tur pangagung anu sami linggih, jeung padamel sinareng rahayat, sakuliah kabupaten, sakumna tanah Ukur, muji
105