Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    sukur ka Maha Suci, wireh ayeuna urang, dikersakeun tepung, amprok jonghok sadayana, aya dina kabagjaan lahir batin, nuju kawilujengan.
  1. Saterasna nuhun jisim kuring, pan geus nampa di kapercayaan, ti ponggawa tur pagawe, atawa ti pangagung, tanah Ukur gede jeung leutik, sadkaula jol datang, ti Mataram cunduk, teu pisan hayang diangkat, keur bupati mun sim kuring henteu nampi, wangsit pan ti pun bapa.
  2. Isuk geto kudu wangsul deui, pan ka bali geusan kajembaran, jisim kuring ayeuna teh, ka dieu cunduk wangsul, jol diangkat kana bupati, hatur nuhun nu aya, mugi ka Nu Agung, sim kuring bisa nyumponan, pangharepan ti rahayat gede leutik, anu parantos ngangkat.
  3. Mung sagala pangharepan tadi, moal bisa pikeun dipilampah, ku kuring sorangan wae, namung kudu saluyu, babarengan gede jeung leutik, ku kituna sumangga, urang gugur gunung, rempug jukung babarengan, beurang peuting ngurus nagara nu penting, ngajaga kaamanan.
  4. Sakur anu kaalaman kungsi, hadena mah teraskeun ayeuna, gorengna kantunkeun wae, pilihan nu marulus, mugi-mugi Nu Maha Suci, nangtayungan sadaya, rahayat sa-Ukur, ayana pingpinan enggal, tanah Ukur aya dina sugih mukti, sareng kerta raharja.
  5. Tamat tina ngandika miwarti, ger jelema kaleprok nyuwara, jeung di buruan pandopo, aya nu tingalajrug, ku bawaning bingah miasih, tanpa anu miwarang, ti para pangagung, sesepuh padamel rayat, marunjungan pagelek-gelek ngahiji, nawiskeun kabungahan.
  6. Ti harita Raden Adipati, Wira Wangsa Taruna nu gandang, ngaheuyeuk dayeuh keur, anom, ngolah nagara manggung, Kabupaten Ukur nu wangi, beres taya kuciwa, mashur ka nu jauh, kawentarkeun ka nu anggang, kawangikeun manca nagara nu tebih, “Dipati Ukur Jembar.”
  7. Anu tani hirup sugih mukti, anu dagang bisa beurat
106