Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    beunghar cekel gawe tibra hate kaom buruh salubur, pakebonan nu mawa hurip, murah sandang jeung pangan keur sagala cukup, rayat sehat nagri kuat, subur mahmur nagara adil miasih hukum jalanna lancar.
  1. Mung sakieu nu bisa digurit, nu didangding dikarang disawang “Sinatria Ngalalakon”, urang wewengkon Ukur, Pajajaran pan asal kawit, muga Pa Kadar Rohmat, ku sakitu cukup, nya kitu deui Pa Darkat, lepat nyerat salah dangding ti sim kuring, neda si hapuntenna.
  2. Dinten Rebo keur sim kuring nganggit, tujuh likur Januari pisan, dalapan dua kawartos, ngawitan bada duhur, prak didangding bari jeung gering. Dinten Salasa tamat, ping dua kacatur, Februari eta, ti pun H.S. Ranggawaluya Beringin, di kota Purwakarta.
107