BUBUKA
Asalamu'alaikum warahmatullohi wabarakatuh,
Jisim kuring, pensiunan Residen Penghubung Gubernur Wilayah I Banten, di Gang Beringin No 3, Purwakarta dina ping 27 Januari 1982 parantos kasumpingan ku Bapa Darkat Daryusman, pensiunan KKI PDK Kotamadya Bogor, nu linggih di Kebon Manggu, Bandung. Anjeunna parantos mopoyankeun supaya naskah raraga "Nonoman Terah Pasundan", kenging nyusun Bapa Kadar Rohmat di Bandung, diwincik didangding nu mangrupi pupuh wawacan Sunda. Upami tiasa teras dicitak kanggo sampeureun generasi panerus nu baris datang supaya urang Sunda ulah leungiteun obor.
Ieu amanat satekah polah ku sim kuring dilaksanakeun satiasa-tiasa nu teu tiasa, anu tangtos seueur lepatna, kawantu sim kuring sanes Bujangga nu geus moyan. Ku kituna, sim kuring neda tawakup di mana seueur lepatna. Saterasna dina lebah tutus langkung kepang halang, bobor sapanon carang sapakan, sim kuring neda sih hapunten sareng mugi kersa ngalelerskeun; nu penting, "Nonoman Terah Pasundan tiasa midang, patepang sareng balarea.
|
Purwakarta, 27 Januari 1982.- |
Wasalam, H.S. Ranggawaluya
|