Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    sanggup tarung, balad Mataram dilawan, mundur deui teu wani, ngalawan tanding, dibendung ku Japara.
  1. Pertempuran nu rebutan pati, anu rongkah sarua wanina, korbanna pating jolopong, dua pihakan ripuh, kuah darah tur mandi getih, mayit mani ngalayah, bugang mani numpuk, serangan Mataram gagah, sarta mundur tur ngantunkeun medan bakti, perang teh dieureunan.
  2. Dua taun ti harita deui, dina genep welas enol opat, Demak dijorag nu gede, dina serangan umum, nu kadua pan beda deui, Mataram bisa tandang, turta tembong unggul, Demak sumerah lantaran, daerahna ka Mataram balik deui, Pangeran Puger nyerah.
  3. Anu ageung jasana kiwari, keur nalukkeun Pamarentah Demak, di antarana nu katon, atawa anu manggung, Adipati nu gagah brani, Dipati Surawangsa, terah anu luhung, Adipati Kiwaraksa, ngan keur perang ngarandapan manggih rungsing, ditarajang musuhna.
  4. Salirana pinuh mandi getih, pinuh tatu mulang ka Banyumas, sasumping di Banyumas teh, teu damang anu ripuh, katingalna matak hawatir, katingal sareatna, kawas moal sanggup, moal sanggup kumalendang, lir biasa cageur bageur jagjag deui, atawa bisa damang.
  5. Nuju ebog nyalira prihatin, keur ngalempreh pan di kajuaran, putrana torojol tembong, nu yuswa tujuh taun, geus maksakeun diri pribadi, ngusapan ka putrana, sirahna dielus, nawiskeun nu mikanyaah, pan ka putra nu misono mikaasih, nu bari cumalimba.
  6. Bari ngucap: "Nu kasep anaking, putra Mama yeuh Raden Taruna, tangtu awak hayang nyaho, atawa hayang weruh, indung anjeun anu sayakti, lantaran ti bubudak, diasuh diurus, ku emban anu satia!" nyariosna nu pegat-pegat ku sedih, bari jeung dumareuda.
  7. Ceuk putrana "Kantenan katampi, saha atuh mungguhing pun biang, jeung di mana ayeuna teh?", Adipati sume-
23