Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Mun nurutkeun jujutan nu resmi, Mama oge sarua turunan, Adipati nu kasohor, Kiwaraksa kamashur, pan ti Prabu nya Siliwangi, ti nagri Pajajaran, milu perang campuh, baheula perang di Bubat, katipu ku musuh, nu tatuna rea pisan, ditulungan ku Pangeran Adipati, Adipati Banyumas.
  2. Geus anjeunna sidik damang deui, henteu lila kocap ti harita, prak di rendengankeun wae, boh disina ngadahup, ka putrina mojang nu geulis, teras kagungan putra, putrana dimaksud, pan diri Mama sorangan, putra tunggal nu sidik Mama pribadi, nyatana ieu pisan.
  3. Anjeunna teh parantos wawangsit, Adipati Prabu Kiwaraksa, "Turunan urang harade, kudu bisa ngadahup, kudu bisa maksakeun kawin, ka putra Pajajaran, Mama nu ngadahup, reujeung putri Pajajaran, taya lian indung hidep ulah lali, tetesan Pajajaran."
  4. Eta kitu riwayat nu tadi, katurunan ti hidep sorangan, ku kituna ulah poho, di mana hidep manggung, geus sawawa tur akil balig, teangan kulawarga, henteu kudu jauh, ukur di Sumedang Larang, Insya Alloh moal lami pasti hasil, pendak reujeung turunan.
  5. Tapi Mama sidik kenging warti, yen Sumedang Larang geus dirobah, dibagi dua wewengkon, beulah wetan kahatur, pan Sumedang parantos resmi, mungguh beulah kulonna, nu disebut Ukur, Mama teh teu pati apal, naha hidep turunan Ukur nu asli, atawa ti Sumedang.
  6. Ngan engke ge ku hidep kaharti, bakal terang pan ti Sunan Dampal, Panembahan nu kasohor, hidep mah eta uyut, ka anjeunna nya kudu nyantri, oge nu kaduana, tong hilap ngaguru, pan ka Sunan Abdulwafa, nu linggihna mantenna di Tegalwangi, eta teh guru Mama.
  7. Ulah hilap hidep kudu ngabdi, ka Mataram pan sugan Sri Sultan, ka Mama emuteun keneh, engke hidep diaku, anu wajar tur dipiasih, ukur dugi ka dinya, anjeunna misaur, bet ngahanju sakedapan, tur ngarenghap jiga nu geus abot teuing,
26