Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

VOC

Pangkur

  1. Tunda heula nu tatahar, nu sayagi di kota Tegalwangi, taun lima welas ratus, jeung salapan genepan, opat kapal urang Walanda carunduk, di Banten pan balabuhna, nu dipingpin ku Cornelis.
  2. Ku Cornelis de Hout Man, ti nagrina ka dieu geus arindit, taun lima welas ratus, reujeung salapan lima, wungkul dagang harita anu dimaksud, lila-lila jadi betah, ka lemburna narah balik.
  3. Tuan Cornelis de Houtman, reujeung anak kapalna teu saeutik, tingkah lakuna teu jujur, kasar karurang sopan, ka pribumi ngahina reujeung adigung, ngaheureuyan ka wanita, teu kenging meleng saeutik.
  4. Kulantaran teu saropan, jadina teh kabeh dipikaijid, dipikangewa dimusuh, ahirna maranehna, der diusir ka Banten teu meunang cunduk, atawa teu meunang datang, salami teu daek ngarti.
  5. Taun lima las ratusan, slapan tujuh anu jadi panambih, Cornelis de Houtman wangsul, mulang ka nagarana, kauntungan sanajan sabuku curuk, geus sarugemaeun pisan, sabab jalan geus kapanggih.
  6. Pan jalan ka Nusantara, ku manehna tetela geus kapanggih, ti harita beuki kumpul, loba kapal Walanda, nu ka urang mani ngaleut saban waktu, daratang ka Nusantara, jumlahna henteu saeutik.
  7. Kongsi dagang ti Walanda, teu ngahiji kalah ka timbul rungsing, saingan ribut jeung batur, reujeung pada baturna, lila-lila kapikir kongsi teh ngumpul, di hijikeun sabeungkeutan, ngajadikeun hiji kongsi.
36