Ieu kaca geus divalidasi
- Widi nyieun palabuan, maranehna tanahna gasik meuli, ngan sarebu dua ratus, make itungan real, maranehna mayar pajeg jiga batur, saperti rayat biasa, unggal taun henteu robih.
- Kumpeni teh lain bungah, nganuhunkeun kenging taneuh nu tadi, kalah ngagogoreng wungkul, dibere meuli tanah, prak nambahan bentengan hayang ngawangun, ditolak Wijayakrama, pamentana teu digubris.
- Malah jadi sabalikna, kudu mayar pajeg nu teu saeutik, tapi ku bisa ngajungjung, jeung ngolo maranehna, der ngawangun loji wetaneun Ciliwung, nu taneuhna lega pisan, jeung tempatna strategis.
- Waktu Banten papasea, nu ngagetreng ka Jayakarta tadi, dipake taktik nu alus, atawa kasempetan, ku Kumpeni keur ngalegaan pangaruh, usaha meunangkeun tanah, nu lega sanajan meuli.
- Jeung ngadegkeun perbentengan, Jayakarta direbut ku Kumpeni, dipingpin Yan Peter Zoen Coen, ti Maluku sanggeus mulang, pan kota teh nepi ka ledis diduruk, na abad tujuh welasan, Jayakarta ku Kumpeni.
- Teras ngadegkeun bentengan, keur ngajaga serangan nu rek jail, atawa musuh nyerebu, anu datang ti luar, eta benteng dingaranan anu alus, anu kawentar Jakatra, bentengan mani ngajegir.
- Eta benteng diwangunna, dina genep welas ratusan leuwih, nu leuwihna dua puluh, diganti Batavia, nu asalna Batavier anu kamashur, ngaran suku hiji bangsa, di nagrina anu tebih.
- Kumpeni teh ti harita, ngalegaan tanahna beuki tambih, nu ngarembet maju terus, ka Tegalwangi ge datang, Kumpeni teh pertahanan nu dimaksud, keur nyanghareupan Mataram, ngan ditolak Tegalwangi.
- Kumpeni teh nu ahirna, nyieun tipu ka Sunan Tegalwangi, supaya kersaeun maklum, mikeun deui taneuhna, harita teh Kumpeni anu keur nanjung, Mayor Freese nu mingpina, nu kawasa ieu aing.
38