Ieu kaca geus divalidasi
PERANG JEUNG KUMPENI
Durma
- Hiji mangsa Jaka Taruna geus datang, ka tempatna Kumpeni, sinareng tentara, seueurna lima urang, barang sumping ka Kumpeni, nu jaga nanya, “Saha maneh pribadi?”
- Saur Jaka, “Kuring utusan nagara, utusan Tegalwangi, kuring rek nyarita, sareng Tuan Kumendan, Mayor Freese anu mingpin, gagah pertengtang, sim kuring hayang panggih.
- Nu ngajaga gancang ngacungkeun bedilna, tuluy ngomong nu bengis, “Maneh henteu bisa, jeung mayor cumarita, ku lantaran teu sabanding, henteu saimbang, Andika handap teuing.
- Kangjeng Sultan kakara bisa nyarita, reujeung mayor badami, keur diri andika, geus cukup reujeung urang, naon nu rek dipiwarti, geura nyarita, didengekeun ku kuring.
- Raden Jaka masih tetep dina sopan, "Kuring moal badami, jeung anjeun mo bisa, lain tugas andika, perlu jeung mayor pribadi, sareng kumendan, wawakil ti Kumpeni.”
- Nu ngajaga ngambek nyentak, nyingsieunan, buringhas muril kumis, nodongkeun bedilna, “Hayoh geura jung mangkat, lamun teu indit dibedil, si kurang ajar, cucungah kumawani.”
- Raden Jaka seep kasabaranana, bedil gabrug ditarik, ukur sakiceupan, bedil geus pindah tangan, nu jaga mata buncelik, bari buringhas, kekereket rek miwir.
- Teu disangka bet bakal kitu kesitna, sebrut nonjokna bengis, katuhu jeung kenca, peureup buleud ku Jaka, ditahan jeung bari seuri, pan make dada, nu nonjok beuki wani.
- Beuki tambah der jekok jekok nonjokan, keuna dada nu langsing, dada Raden Jaka, naha bet nu nonjokan, nu aduh-aduhan ceurik, lain Den Jaka, nu ditonjokan tadi.40