Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Pantes pisan rek kitu jeung teu ngartina, da harita teu cicing, Den Jaka Taruna, keur ngawatek ajian, nu ti Sunan Tegalwangi, “Si Watu ngampar,” nu karasa lir beusi.
  2. Keur ngarahuh diwales ku Raden Jaka, jol kampleng ditampiling, koloyong teu nangan, jeung bru nambru nangkuban, ngerejet tur usak-usik, jeung kokosehan, teu bisa hudang deui.
  3. Borobot teh bedil babaturanana, ka Jaka der ngabedil, da diri manehna, geus nenjoeun baturna, ngudupruk ti babaranting, geus kokosehan, henteu bisaeun indit.
  4. Raden Jaka anjeunna waspada pisan, sareng asak tingal, der luncat ka tukang, ka nu suwung tur lega, bari ngagero nu tarik, pok ka rencangna, “Nyarumput ka nu buni.”
  5. Raden Jaka jeung pangiring-pangiringna, nyarumput ka nu buni, di handapeun tangkal, nu dibalik tembokan, na lelegok sisi cai, jeung sabangsana, pokona slamet diri.
  6. Bedil beuki nambahan boborobotan, tapi taya nu tepi, euweuh nu ngeunaan, kalah ka wet ngeunaan, ka babaturan anu tadi, anu ngajoprak, boborot mandi getih.
  7. Beuki deukeut beuki deukeut eta sora, nu dordar sora bedil, ka emut ku Jaka, teu perelu dilawan, sanajan gagah jeung wani, atawa kuat, da puguh sidik bedil.
  8. Katambahan nu loba pisan baladna, lajeng Jaka pribadi, nya anjeunanana, sareng rencang-rencangna, ting kelesed ka nu buni, undur-unduran, mulih ka Tegalwangi.
  9. Sasumpingna ka Tegalwangi anjeunna, henteu talangke deui, anjeunna dipapag, ku Sunan Abdulwafa, tur anjeunna pok miwarti, “Raden kumaha, naha beres katampi?”
  10. Harita teh waleran Jaka Taruna, “Mugi teu bendu galih, badanten teu acan, jalaran eta maksad, ti urang kalah ditampi, ku neregtegna, sora borobot bedil.”
  11. Barang nguping laporan nu kitu pisan, Sunan kaget teh teuing kalintang benduna, anjeunna sasauran, “Lamun kitu mah Kumpeni, nangtangan perang, hayoh moal rek ngacir.
  12. 41