Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Hayoh keprok para prajurit ti urang, ratakeun dina baris, pariksa gagaman, urang gempur ayeuna, reujeung kabeneran deuih, keur anjeun miang, ti Mataram baralik.”
  2. Saur Raden, “Duh Eyang alhamdulillah, nuhun ka nu sarumping, pangreugreug nambahan, nambihan kakiatan, kanggo ngajorag Kumpeni, iraha maksad, ngajorag ka Kumpeni?”
  3. “Ceuk Mama mah montong rek dilila-lila, isukan enjing-enjing”, saur Kangjeng Sunan, “Raden naha enyaan, wireh bejana Kumpeni, nyieun bentengan, di Basis Tegalwangi?”
  4. "Leres pisan nyieunna eta bentengan, nu ageung tina kai, sareng luhur pisan, tur tohaga rubakna, matak paur nu ningali," ceuk Raden Jaka, “Kurang ajar Kumpeni.”
  5. Harita ge prajurit kumpul sadaya, prajurit Tegalwangi, jumlahna mokaha, salapan ratus urang, diatur sarta dibagi, tilu pasukan, atawa tilu kompi.
  6. Sakolompok leuwih tilu ratus urang, masing-masing dipingpin, Raden Wira Saba, Raden Jaka Taruna, Raden Wira Tanu kumis, anu pertengtang, pasagi ahli jurit.
  7. Isukan teh isuk-isuk jung mariang, prajurit Tegalwangi, jung ka Medan perang, tur marawa gagaman, pedang, tumbak, bedog, keris, gada, jeung panah, jeung rea-rea deui.
  8. Sadatangna der ngatur siasat perang, Wira Saba nu mingpin, anu pangkulonna, Wira Tanu ti wetan, Jaka Taruna nu mingpin, beulah kidulna, prajurit geus sayagi.
  9. Kumpeni teh ku ayana riributan, kajadian kamari, terus gerak jaga, prajurit anu aslina, jeung bayaran taki-taki, deukeut bentengan, rada hareup saeutik.
  10. Di hareupeun bentengan siap sayaga, lengkep sanjata bedil, keur ngabasmi neunggar, Tentara Kasultanan, boh prajurit Tegalwangi, lembek dianggap, ku tentara Kumpeni.
  11. Tapi ari buktina mah beda pisan, prajurit Tegalwangi, nu lembek dianggap, harita katembongna, ku mata pihak Kumpeni, ngepung bentengan, ti tilu madhab bukti.
  12. 42