Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Prajurit teh ti Tegalwangi ngawitan, ngaruntuhkeun nu penting, pager jeung panghalang, tina kai nyieunna, diruksak diborak-barik, sanajan hujan, pelor pihak Kumpeni.
  2. Kumpeni teh ngawitan katingal bingbang, Mayor Freese bengis, nu ngarasa gagah, katembong kasieunan, marentah “Hayoh prak bedil, tong dieureunan, bedil tong eureun bedil.”

Pangkur

  1. Benteng beulah ti kidulna, rubuh rebah didobrak ku prajurit, pagerna diruksak terus, mani acak-acakan, ti barisan Den Jaka ngadesek terus, korban bedog kompak tumbak, ti Kumpeni teu saeutik.
  2. Keur kitu ti beulah wetan, bentengna teh ngabelag burak-barik, ti beulah kulon ge kitu, sami acak-acakan, Kumpeni teh ka beulah kaler karumpul, kapaksa sisi walungan, caina meujeuhna banjir.
  3. Mimitina pertahanan, dikuatan ku Kumpeni di sisi, walungan anu keur guntur, maksudna keur ngajaga, ka prajurit Mataram nu rek nyerebu, rek ngajorag maranehna, di mana mun perang jadi.
  4. Lantaran ari pasukan, Tegalwangi dianggap tai ceuhil, atawa remeh teu laku, henteu matak hariwang, digebah ge ku pelor pinasti kabur, tangtu lumpat paburencay, nyarumput ka nu baruni.
  5. Tapi ayeuna barisan, Tegalwangi geus sidik beda deui, geus henteu bisa dibendung, atawa dihalangan, korbanna teh ti dua pihak ngagunduk, atawa nu loba pisan, paraeh marandi getih.
  6. Bedil jempe teu disada, Kumpeni teh lalumpat bedas tarik, ka walungan gebrus turun, maksudna arek meuntas, ngan walungan keur banjir budah ngagulung, ka hilir tarumpak budah, ting laleong kabeh palid.
  7. 43